Minggu, 26 April 2015

kamus sunda sederhana

Paririmbon tina kecap rimbu.Rimbu (basa Kawi) = Simpen.Paririmbon = Buku sisimpenan = Buku anungandung elmu nu jarero.Urang Sunda pituin = Urang Sunda asli = Urang Sunda tulén.Pepeling = Papatah.Gumelar = Lahir ka dunya. Satungtung = Salilana.Ihtiar = Usaha.Nungtut elmu = Ngumpulkeun pangarti = Ngumpulkeun pangaweruh.Nyiar dunya = Neangan rejeki = Nyiar kipayah = Neangan kahirupan.Malahmandar = Susuganan = Sugan pareng.Bubuka = Pangangkat carita.Ngumbara = Cicing di lembur batur.Nusantara = Indonésia.Ngitung lembur = Nyaba ka mana-mana.Ngajajah milangan kori = Nyaba ka mana-mana.Ngajajah = Ngider nganyahokeun tempat-tempat.Kori = Lawang kori = Panto (babakuna panto anu peundeutna dua).Ngemban timbalan = Ngajalankeun paréntah.Ibu Pertiwi = Lemah cai.Kénging lara = Kénging kanyerian, atanapiudur.Tunggara = Kasusah.Kuciwa = Kateungeunah haté.Dadak sakala = Harita kénéh.Mitra = Sobat.Sunda ngumbara = Urang Sunda nu matuhdi lembur batur.Ngalalana = Nyaba kalunta-lunta (kateterusan) henteu puguh nu dijugjug, henteu terang nu ditéang, henteu nyata nu diseja.Kapihatur = Kapiunjuk.Sebrang = Peuntas.Cicirén tina ciri. Ciri = Tanda.Tri = Tilu. Murti = Badan. Trimurti = Tilu badan (perkara) anu ngahiji.Sajati = Tulén = Asli = Henteu palsu.Lenyepan = Hartikeun atawa rasakeun enya-enya. Lemesna : Hartoskeun atanapiraoskeun yaktos-yaktos.Supados lemesna tina : supaya.Émutan lemesna tina : ingetan.Utama = Euweuh cawadeunana.Hancaeun = Garapeun.Pulasara = Urus samistina.Pusaka = Titinggal karuhun.Pitutur = Pepeling.Kakantun lemesna tina titinggal.Para karuhun = Para luluhur anu geus maraot, geus areuweuh (taya) di kieuna.Seuweu =I. Anak jelema.II. Anak putu Nabi Adam = Turunan Nabi Adam = Jelema-jelema.Paré nyeuweu = Paré ngadapur, loba anakna.Awi nyeuweu = Awi ngadapur, loba anakna.III. Ngaran sabagian tina bubu, gawéna pikeun nahan lauk anu geus asup kana jero bubu supaya henteu kaluar deui.Siwi = Anak; sok dipake oge pikeun sesebutan, ka putra raja anu pameget. Siwi teh basa Kawi. Seuweu-siwi Pajajaran= Turunan Pajajaran. Nu dimaksud : urangSundaSeuweu-siwi = Turunan = Jalma-jalma. Nini-aki = Luluhur.Basa Sangsekerta atawa Sangsakerta = Basa kuna di tanah Hindu. Dina agama Brahma nu dipakéna basa Sangsekerta. DiIndonésia loba kénéh kecap-kecap Sangsekerta; ayana dina ngaran jelema-jelema atawa kota-kota. Contona :Ngeunaan ngaran jelema-jelema:Nataprawira. Nata = Ratu = Raja. Prawira= Kendel, teteg haté.Gandakusuma. Ganda = Seungit. Kusuma= Kusumah = Kembang.Wijayakusuma = Kembang kajayaan.Kartasasmita. Karta atawa Kerta = Aman. Sasmita = Misil atawa perlambang. Dina basa Walanda : Symbool.Surawijaya. Sura = Déwa. Wijaya = Kaunggulan = Kajayaan.Somawisésa. Soma = Bulan. Wisésa = Maha kawasa.Wirasumantri. Wira = Lalaki atawa prajuritatawa kekentong. Su = Hadé atawa alus (basa Kawi). Mantri = Ponggawa = PagawéNagara.Gandasudirja. Ganda = Seungit. Su = Hadéatawa alus (basa Kawi). Di pondokna tina Hadi = Hade atawa alus (basa Kawi). Reja= Raharja (Harja) dina basa Sunda, hartina: Ma’mur, teu kurang sandang pangan.Jayadisastra. Jaya = Unggul. Di tina Hadi = Hadé atawa alus (basa Kawi). Sastra = Tulisan.Wiriasaputra. Wiria = Wira = Lalaki atawa prajurit atawa keken­tong. Sa = Hiji. Putra= Anak lalaki.Ngeunaan kota-kota :lndragiri. Indra = Déwa. Giri = Gunung.Purwakarta. Purwa = I. Wétan jeung II. Mimiti, Karta = Kerta = Aman. Dina basa Jawa: Purwokerto.Sidareja. Sida = Tulus. Reja = Ma'mur. Dina basa Jawa : Sidorejo.Singapura. Singa = Singa. Pura = Karaton.Surabaya. Sura = Déwa = Wani. Baya = Bahya = Bahaya. Dina basa Jawa : Suroboyo.· Kawi (basa Sangsakerta) = Bujangga.· Basa Kawi = Kecap-kecap nu baheula nu sok dipaké ku para bujangga.Contona:Nétra = Panon.Kerta = Karta = Aman.Su = Hadé atawa alus.Hadi = Di = Hadé atawa alus.Lalis = Paéh.Niskara = Kabéh.Marcapada = Bumi.Panji = Bandéra.Daya = Kakuatan atawa hojah.

Sabtu, 25 April 2015

papatah kolot baheula

Postinganpapatah kolot baheuladi handap ieu nyaeta paribasan jeungbabasan sunda paling lengkep jeung hartina dina bahasa Indonesia, mudah-mudahan tiasa janten referensi kangge bahan renungan khususna pikeun urang sunda anu kiwari budayana tos ka geser ku budaya basa deungeun alias kabudayaan barat:*.Ulah gugur samemeh tempur, ulah perlaya samemeh perang. Indit ka medan jerit ulah dengki,lumampah ka medan dadalaga ulah dendam, lumaku ka medan tempur ulah ujub*.Taat sumembah kanu janten rama, sumujud tumut kanu janten ibu*.Dihareupeun aya kasusah, ditukang pasti aya kabungah*.Dahareun anu asup kanu awak, bakal jadi kulit, jadi daging, jadi sumsum, jadi balung, matak singati-ati*.Mudah-mudahan urang kakungkung ku rohmat pitulung nu Maha Agung.*.Sasanget-sangetna leuweung, moal leuwh sanget tibatan sungut*.Manusa mah beda jeung anjing budug di jarian, dimana paeh ngan saukur bilatungan, tapi manusa sajabana ti bilatungan bakal anggih jeung balitungan*.Kudu mampu tungkul kanu jukut, ulah tanggah ka sadapan, sing awas kana tincakan*.Amit kanu mangku lembur, kanunyungsi dinu sepi, nu keur genahtumaninah*.Sanajan urang paanggang, hatemah paanjang-anjang. Sanajan urang papisah, kanu Maha Kawasa urang sumerah pasrah*.Hariring lain nu kuring, haleuanglain nu urang. Hariring kagunganNu Maha Wening, Haleuang kagungan Nu Maha Wenang*.Jelema mah tungkul tumpuk kalalaputan, tanggah tempat kalalepatan. Samenit ganti sajamrobah, sore janji isuk teu dipake*.Lain sia kudu melaan agama, tapi agama nu kudu melaan sia. Sabab agama bakal nyalametkeun urang dunya akherat*.Sakur nu rek ngarugikeun kana diri, bangsa jeung nagara, cegah ku diri sorangan*.Jalma nu iman ka Pangeran, dimana datang bala sobar, datang untung sukur*.Geura leungitkeun sirik pidik nu ngancik dina ati, aral subaha nu nyayang dina dada*.Ditarima ku panangan dua, disuhun dinu embun-embunan, ditampi ku ati sanubari*.Hirup kudu sauyunan, mun cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak. Sapapait samamanis, sabagja satanggung jawab, sareuneuh saigel*.Ari nu ngaranna hukum adil teH teu ninian, teu akian, teu indungan, teu bapaan, teu sobat-sobat acan*.Dimana urang doraka ka indung bapa, lir ibarat Lamun di lemburkai randu, lamun di leuweung kai dander. Dipake pangorek bingkeng, dipake pamikul bengkung. Dipake suluh matak teu ruhai, matak beuleuweung kanu niupna*.Dina sawatara isuk, dina sawatara wanci haneut moyan, dina sawatara poe anu keur dilakonan, dina sawatara harepan, dina sawatara impian, mugi aya dina cageur jeung bageurna, panceg jeung ajegna, hirup jeung huripna, waluya balarea, prung tandang makalangan marengan caang jalan pasampangan*.Peun we ah papait ka tukang, kaseudih anu kamari, tunggara anu mangkukna, rek dipendem ameh balem, disimpen cing rikip, ditunda, diecagkeun, moal di teang, moal di ingeut, geus wayahna nyampeur kabagja, geus wayahna ninggali kahareup,ajeug nangtungan hirup, ngabageakeun anjeun anu aya, anjeun anu nyanghareup, anjeunanu aya sajeroning rasa*.Panon poe geus moncorong, indung beurang geus nyaangan, gearkeun hate anu aleum, heabkeun rasa anu tiis, bray hibar cahyana ka sakuliah alam dunya, mawa bagja keur urang sararea*.Pajajaran kari ngaran, Pangrangogeus narikolot, Mandalawangi ngaleungit, Nya dayeuh geus jadileuweung.*.Lamun neda kudu ka Pangeran, mustang ngeumbing mung ka Gusti. Sabab lamun menta ka manusa, matak bosen nganti-nganti*.Amit ampun nya paralun, ka Gusti Nu Maha Agung, ka Nabi anu linuhung, Muhammad anu jinunjung*.Kaluhur neda papayung, papayung Nu Maha Agung, kahandap neda pangraksa, pangraksa Maha Kawasa*.Ampun ka anu Maha Agung, Nu kagungan Kun fayakun, Jleg ngadeg sakur kersa-Na, Bral gumelar kawasa-Na*.Lain rek mamatahan nerekel ka monyet, mamatahan ngojay ka soang.*.Geura menta hampura kanu jadibapa, geura menta ampun kanu jadi indung, sabab duanana pangeran urang di alam dunya.*.Sabar teh lain Ditampiling cicing,ditajong morongkol, digebug murungkut.*.Sagolek pangkek, sacangred pageuh, teu unggut kalinduan, teu geudag kaanginan.*.Meredih kana asihna Gusti, menta kana murahna nu Kawasa.*.Jeung dulur mah Jauh silih tepungan, anggang silih teangan,gering silih ubaran, paeh silih lasanan, salah silih benerkeun, poekeun silih caangan, mun poho silih bejaan.*.Dedeg sampe, rupa hade, patut teu nganjuk, rupa teu menta, na kalakuan teu beda ti euwah-euwah?*.Bisi aya elmu kasungkur-sungkur, pangabisa nu can ka talaah, ajian nu kasingkir-singkir,geura taluktik ti kiwari, geura kotektak ti ayeuna.*.Ulah jalir janji lanca-linci luncat mulang udar tina tali gadang*.Zaman kiwari mah Anu dakwah kari pertentangna, anu ngaji karihariringna, tapi kajahatanmah beuki meuweuh*.Dimana-manahurung nangtung siang leumpang, caang jalan, lugina hate, kakait ati anu sajati, gagantar rasa anu sampurna, nun gusti .. teupangkeun kuring jeung manehna, meureun aya rasa, rasa bagja anu sampurna salamina*.Kateter basa, kalangsu mangsa, katinggaleun poe, nyasab dina waktu, ayeuna, isuk jeung kamari, hiji niat na diri, miharep, ngapimilik anu sajati*.Kudu paheuyeuk- heuyeuk leungeun paantay-antay tangan*.Neangan luang tipapada urang*.Ulah nyaliksik ku buuk leutik*.Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina*.Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian*.Bengkung ngariung bongkok ngaronyok*.Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang*.Hirup di alam dunya sembaheunanging Gusti nu kagungan urang sadaya, nu ngajadikeun bumi, langit, sawarga, naraka jeung sagala eusina*.Hate nu Kalingkung ku wawangunan, kalingker ku papageran.*.Miindung ka waktu, mibapa ka zaman*.Niti wanci nu mustari, ninggal mangsa nu sampurna, kahirupandi dunya taya lian keur taqwa.*.Bagja dimana boga sobat medok,istri denok, sawah ledok.*.Nu geulis jadi werejit, nu lanjangjadi baruang.*.Nyukcruk galur nu kapungkur, mapay laratan anu baheula, nitihwanci nu kamari, ninggang mangsa nu sampurna. Sanajan urang beda tapi sarua, sanajan teu ngahiji tapi sa ati, milari ridho gusti nu Sajati.*.Tunggul tong dirurud, catang tong dirumpak, hirup katungkul ku umur, paeh teu nyaho dimangsa. Sing inget kana purwadaksi, purwa wiwitan, daksi wekasan. Hartina sing apal kana diri, asal timana?, cicing dimana? Balik kamana?*.Urang teh bakal pinanggih jeung poe akhir, nu ngandung harti poe pamungkas, raga ditinggalkeun nyawa, maot pingaraneunana. Bakal digiring kurung keur kuring, bakal dibulen saeneng-eneng, bakal ngagebleg deui jeung mantena.*.Hirup katungkul ku umur, paeh teu apal dimangsa, numatak rinik-rinik kulit harti, cicing hartingawincik diri, mun nyaah kana raga sing nyaho kana dasar agama.*.Positip x posotip= positip. Negative x negative= positip. Positip x negative=negative. Nu bener dibenerkeun eta bener, nu salah disalahkeun eta bener. Nu bener disalahkeun eta salah, nu salah dibenerkeun eta salah.*.Ratu tara ngahukum, raja tara nyiksa, melak cabe jadi cabe, melak bonteng jadi bonteng, melak hade jadi hade, melak goreng jadi goreng.*.Ulah taluk pedah jauh, tong hoream pedah anggang, tong cicing pedah tebih jauh kudu dijugjug, anggang kudu diteang, tebih kudu di sungsi*.Alam nirwana, alam asal, poe panjang, Nagara tunjung sampurna, nu baheula ka alaman, ngan kahalangan ku poho, sabab poe kamari lain poeayeuna. (Akherat)*.Wayang nyaeta gambaran kahirupan manusa Nu dipipindingingan ku silip sindir, dihalangan ku siloka sareng sasmita, kalayan dirimbunan ku gunung simbul.*.Geus loba pangarti nu kapimilik, pangabisa nu geus kapibanda, elmu nu geus katimu. kari diamalkeun*.Mipit amit, ngala menta, nyukcruk walungan, mapay wahangan, nete taraje, nincak hamalan, ipis lapis, kandel tapel.(malapah gedang)*.Sing waspada jeung permana tinggal. (Waspada)*.Inditna ulah ngagidig, nyokotna ulah ngaleos, mawana ulah ngalengkah.*.Meredih tina ati, menta tina manah. Menekung kanu Maha Agung, muja brata kanu Maha Kawasa*.Pasti teu bisa dipungkir, kadar teu bisa di singlar, papasten nu tumibar.*.Sing bisa nilik kana diri, bisa ngukur kana kujur.*.Elmu teh bakal ngancik tinu nyaring, bakal cicing dinu eling*.Alam nirwana, alam asal, poe panjang, Nagara tunjung sampurna, nu baheula ka alaman, ngan kahalangan ku poho, sabab poe kamari lain poeayeuna. (Akherat)*.Wayang nyaeta gambaran kahirupan ma

budaya sunda dan suku sunda

Sejarah Awal Adanya Suku Sunda Di Indonesia- Suku Sunda merupakan kelompok etnis yang berasal dari bagian barat pulau Jawa, Indonesia. Yaitu berasal dan bertempat tinggal di Jawa Barat. Daerah yang juga sering disebut Tanah Pasundan atau Tatar Sunda.Banyak pakar yang menyatakan bahwa orang Sunda khususnya danIndonesiaumumnya adalah para pendatang dari daerah Yunan. benarkah itu ? (Ada sebuah fakta yang dapat dianggap dongeng tapi perlu kita cermati dengan seksama).Di daratan Asia, kira-kira antara Pegunungan Hindukusj dan Pegunungan Himalaya ada sebuah dataran tinggi (plateau) yang bernama Iran-venj, penduduknya disebut bangsa Aria.Suku Sunda Di Indonesiamenganggap bahwa tanah airnya disebut sebagai Taman Surga, karena kedekatannya dengan alam gaib. Namun, mereka mendapat wangsit dalam Uganya, bahwa suatuketika bangsa Iran Venj akan hancur, sehingga bangsa Aria ini menyebar ke berbagai daerah. Salah satu gerombolan bangsa Aria yang dikepalai oleh warga Achaemenide menyebut dirinya sebagai bangsa Parsa dan pada akhirnya disebut bangsa Persi dan membangun kota Persi-Polis. Pemimpin Achaemenide bergelar Kurush (orang Yunani menyebut Cyrus).Dalam perjalanan sejarahnya, mereka membantu bangsa Media yang diserang oleh bangsa Darius. Bahkan bangsa Darius dengan pimpinan Alexander Macedonia punpada akhirnya menyerang Persi. Dan tak lepas dari itu bangsa Persi, pada jaman Islam pun diserang dan ditaklukkan. Begitu pula oleh Jengis Khan dari Mongol, dan pada akhirnya diserang pula oleh bangsa Tartar yang dikepalai oleh Timur-Leng. Rentang perjalanan sejarah bangsa Persi ini, menyadarkan mereka untuk kembali kepada nama asalnya, yaitu Iran (dari Iran-Venj).Segerombolan suku bangsa Aria yang menuju arah Selatan, sampailah di tanah Sunda, tepatnya di Pelabuhanratu (sekarang). Para pendatang itu disambut dengan ramah dan terjadi akulturasi budayadi antara mereka, pendatang dan pribumi (Sunda) saling menghormati satu sama lainnya. Proses akulturasi budaya ini dapat kita lihat dalam sistem religi yang diterapkan, Pendatang mengalah dengan keadaan dan situasi serta tatanan yang ada. Batara Tunggal atau Hyang Batara sebagai pusat sesembahan orang Sunda tetap menempati tempat yang paling tinggi, sedangkan dewa-dewa yang menjadi sesembahan pendatang ditempatkan di bawahnya. Hal itu dapat dilihat dalam stratifikasi sistem sesembahan yang ada di daerah Baduy, dikatakan bahwa Batara Tunggal atau Sang Rama mempunyai tujuh putra keresa, lima dewa di antaranya adalah Hindu, yaitu : Batara Guru di Jampang, Batara Iswara (Siwa), Batara Wisnu, Batara Brahma, Batara Kala, Batara Mahadewa (padaakhirnya menjadi Guriang Sakti serta menjelma jadi Sang Manarah atau Ciung Manara), Batara Patanjala (yang dianggap cikal bakal Sunda Baduy). Akulturasi ini, tidak saja dalam lingkup budaya, melainkan dalam perkawinan.Nan jauh di sana, di Fasifik sana, Bangsa Mauri dilihat secara tipologinya, mereka berkulit kuning(sawo matang), Postur tubuh hampir sama dengan orang Sunda. Nama-nama atau istilah-istilah yangdipergunakan, seperti Dr. Winata (kurang lebih tahun 60-an menjadi kepala Musium di Auckland). Nama ini tidak dibaca Winetou atau winoto tapi Winata . Beliaulah yang memberikan Asumsi dan teori bahwa orang Mauri berasal dari Pelabuhan ratu. Hal yang lebih anehlagi adalah di Selandia Baru tidak terdapat binatang buas, apalagi dengan harimau maung, tapi simamaung dipergunakan sebagai lambang agar musuh-musuh mereka merasa takut.Memang tidak banyak yang menerangkan bahwa orang Indonesia (Sunda) yang datang ke pulau ini, kecuali tersirat dalam Encyclopedia Americana Vol 22 Hal 335. Bangsa kita selain membawa suatu tatanan tata - subita yang lebih tinggi, kebiasaan gotong royong, teknik menenun, juga membawa budaya tulis menulis yang kemudian menjadi Kohao Rongo-rongo fungsinya sebagai mnemo-teknik (jembatan keledai) untuk mengingat agar tidak ada baityang terlewat.·PurwacaritaPengertian sejarah secara tradisi adalah beberapa kisah dongeng, legenda, babad, tambo dll. Sesungguhnya hal itu berada dibawah disiplin ilmu sastra, sedangkan sejarah, pembuktiannya harus berdasarkan disiplin ilmu : filologi (ilmu yang mempelajari naskah kuna), epigrafi (ilmu yang mempelajari aksara prasasti), arkeologi (ilmu yang mempelajari artefak-artefak peninggalan sejarah), dan geografi (ilmu yang mempelajari permukaan bumi).Karya sastra bisa diuji dan dikaji oleh disiplin ilmu sejarah sejauh karya sastra yang bernilai sejarah itu dapat menunjang temuan sejarah itu sendiri. Sebaliknya hasil penelitian sejarah dapat disusun menjadi karya sastra yang sering kita sebut roman sejarah.Naskah Pangeran Wangsakerta, menurutEdi S. Ekadjatidan menurutAyat Rohaedi, adalah naskah sejarah. Sistematika dan pengungkapannya sudah dalam bentuk sejarah, menggunakan referensi atau sumber-sumber tertulis lainnya.·PurwayugaSejarah Sunda dimulai dari masa Purwayuga (jaman purba) atau dari masa Nirleka (silam), yang terbagi atas :*.Prathama Purwayuga(jaman purba pertama), dengan kehidupan manusia hewan Satwapurusa, antara 1 jt s.d. 600 rb th silam*.Dwitiya Purwayuga(jaman purba kedua), dengan kehidupan manusia yaksa, antara 500 rb sampai 300 rb tahun silam*.Tritiya Purwayuga(jaman purba ketiga), dengan kehidupan manusia kerdil (wamana purusa), antara 50 rb sampai 25 rb tahu silam.·Dukuh Pulasari Pandeglang*.menurut naskahPangeran Wangsakerta, kehidupan masyarakat Sunda pertama di pesisir barat ujung pulau Jawa, yaitu pesisir Pandeglang. Dipimpin oleh seorang kepala suku (panghulu)Aki Tirem Sang Aki Luhur Mulya. Sistem religi mereka adalahPitarapuja, yaitu pemuja roh leluhur, dengan bukti sejumlah menhir sepertiSanghiyang Dengdek,Sanghiyang Heuleut, Batu Goong, Batu Cihanjuran,Batu Lingga Banjar,Batu Parigi,dll. Refleksi dukuh Pulasari dapat kita lihat di kehidupan masyarakat Sunda Kanekes (Baduy).·Salakanagara*.PutriAki TiremyaituPohaci Larasati, menikah dengan seorangduta niaga dari Palawa (India Selatan) bernamaDewawarman. KetikaAki Tiremwafat,Dewawarmanmenggantikannya sebagai penghulu dukuh Pulasari.*.Dewawarmanmengembangkan Dukuh Pulasari hingga menjadi kerajaan corak Hindu pertama di Nusantara, yang kemudian diberi namaSalakanagara.Salakaberarti Perak danNagaraberarti negara atau negeri. Oleh ahli dari Yunani,Claudius Ptolomeus,Salakanagaradicatat sebagaiArgyre. Dalam berita China dinasti Han, tercatat pula bahwa rajaYehtiaobernamaTiao-Pienmengirimkan duta keChina tahun 132 M. menurutAyat Rohaedi,Tiaoberarti Dewa, danPienberarti Warman.*.Salakanagaradidirikan tahun 130 M, dengan raja pertamanyaDewawarman Idengan gelarPrabu Darmalokapala Dewawarman Haji Rakja Gpura Sagara. memerintah hingga tahun168 M. Wilayahnya meliputi propinsi banten sekarang ditambah Agrabintapura (Gunung Padang Cianjur) dan Apuynusa (Krakatau).*.Raja Terakhir (ke-8)Dewawarman VIIIbergelarPrabu Darmawirya Dewawarman(348-363 M).·Tarumanagara*.Didirikan olehJayasingawarmanpada 358 M dengan nobatJayasingawarman Gurudarmapurusa.*.Penerusnya adalahPurnawarmanyang memindahkan pusat pemerintahan dari Jayasingapura (mungkin Jasinga) ke tepi kali Gomati (bekasi) yang diberi namaSundapura(kota Sunda), bergelarHarimau Tarumanagara (Wyagrahaning tarumanagara), dan disebut pulaSang Purandara Saktipurusa (manusia sakti penghancur benteng)dan jugaPanji Segala Raja. Sedangkan nama nobatnya adalahSri Maharaja Purnawarman Sang Iswara Digwijaya Bhimaparakrama Suryamahapurusa Jagatpati.*.Raja terakhirSang Linggawarmansebagai raja ke-12·Kerajaan Sunda*.Tarumanagaradirubah namanya menjadi Kerajaan Sunda olehTarusbawa, penerusLinggawarman. Akibatnya belahantimurTarumanagaradengan batas sungai Citarum memerdekakan diri menjadiKerajaan GaluhKerajaan Sunda berlangsung hingga tahun 1482 M, dengan 34 raja.*.Prabu Maharaja Linggabuanadinobatkan menjadi raja di kerajaan Sunda pada 22 februari 1350 M. Ia gugur bersama putrinya,Citraresmi, dalam tragediPalagan Bubatakibat ulahMahapatih Gajahmada. Peristiwa itu terjadi pada 4 September 1357 M.*.Mahaprabu Niskala Wastu Kancanamenggantikan posisiLinggabuanapada usia 9 tahun. Dia membuatPrasasti Kawalidi Sanghiyang Linggahiyang atau Astana Gede Kawali. Dia juga yang membuat filsafat hidup :”Tanjeur na Juritan,Jaya di Buana” (unggul

Jumat, 24 April 2015

uga wangsit siliwangi

UGA WANGSIT SILIWANGI

Saur Prabu Siliwangi ka balad Pajajaran anu milu mundur dina sateuacana ngahiang : “Lalakon urang ngan nepi ka poé ieu, najan dia kabéhan ka ngaing pada satia! Tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu hirup jadi balangsak, ngilu rudin bari lapar. Dia mudu marilih, pikeun hirup ka hareupna, supaya engké jagana, jembar senang sugih mukti, bisa ngadegkeun deui Pajajaran! Lain Pajajaran nu kiwari, tapi Pajajaran anu anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku obah jaman! Pilih! ngaing moal ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, hanteu pantes jadi Raja, anu somah sakabéhna, lapar baé jeung balangsak.”
Daréngékeun! Nu dék tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul! Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka beulah kalér! Anu dék kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah wétan! Anu moal milu ka saha-saha, geura misah ka beulah kulon!
Daréngékeun! Dia nu di beulah wétan, masing nyaraho: Kajayaan milu jeung dia! Nya turunan dia nu engkéna bakal maréntah ka dulur jeung ka batur. Tapi masing nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engkéna bakal aya babalesna. Jig geura narindak!
Dia nu di beulah kulon! Papay ku dia lacak Ki Santang! Sabab engkéna, turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur, ka dulur anu nyorang saayunan ka sakabéh nu rancagé di haténa. Engké jaga, mun tengah peuting, ti gunung Halimun kadéngé sora tutunggulan, tah éta tandana; saturunan dia disambat ku nu dék kawin di Lebak Cawéné. Ulah sina talangké, sabab talaga bakal bedah! Jig geura narindak! Tapi ulah ngalieuk ka tukang!
Dia nu marisah ka beulah kalér, daréngékeun! Dayeuh ku dia moal kasampak. Nu ka sampak ngan ukur tegal baladaheun. Turunan dia, lolobana bakal jadi somah. Mun aya nu jadi pangkat, tapi moal boga kakawasaan. Arinyana engké jaga, bakal ka seundeuhan batur. Loba batur ti nu anggang, tapi batur anu nyusahkeun. Sing waspada!
Sakabéh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu anu perelu. Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu sarusah, tapi ngan nu hadé laku-lampahna. Mun ngaing datang moal kadeuleu; mun ngaing nyarita moal kadéngé. Mémang ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu rancagé haténa, ka nu weruh di semu anu saéstu, anu ngarti kana wangi anu sajati jeung nu surti lantip pikirna, nu hadé laku lampahna. Mun ngaing datang; teu ngarupa teu nyawara, tapi méré céré ku wawangi. Ti mimiti poé ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit nagarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti anu kari, bakal réa nu malungkir! Tapi engké jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya anu laleungit kapanggih deui. Nya bisa, ngan mapayna kudu maké amparan. Tapi anu marapayna loba nu arieu-aing pang pinterna. Mudu arédan heula.
Engké bakal réa nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang! Aya nu wani ngoréhan terus terus, teu ngahiding ka panglarang; ngoréhan bari ngalawan, ngalawan sabari seuri. Nyaéta budak angon; imahna di birit leuwi, pantona batu satangtungeun, kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang. Ari ngangonna? Lain kebo lain embé, lain méong lain banténg, tapi kalakay jeung tutunggul. Inyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun, sabab acan wayah ngalalakonkeun. Engke mun geus wayah jeung mangsana, baris loba nu kabuka jeung raréang ménta dilalakonkeun. Tapi, mudu ngalaman loba lalakon, anggeus nyorang: undur jaman datang jaman, saban jaman mawa lalakon. Lilana saban jaman, sarua jeung waktuna nyukma, ngusumah jeung nitis, laju nitis dipinda sukma.
Daréngékeun! Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi mangsa: tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol. Tah di dinya, sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo barulé, nu diangon ku jalma jangkung nu tutunjuk di alun-alun. Ti harita, raja-raja dibelenggu. Kebo bulé nyekel bubuntut, turunan urang narik waluku, ngan narikna henteu karasa, sabab murah jaman seubeuh hakan.
Ti dinya, waluku ditumpakan kunyuk; laju turunan urang aya nu lilir, tapi lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi. Ti nu laleungit, tambah loba nu manggihna. Tapi loba nu pahili, aya kabawa nu lain mudu diala! Turunan urang loba nu hanteu engeuh, yén jaman ganti lalakon ! Ti dinya gehger sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngaranteur pamuka jalan; tapi jalan nu pasingsal!
Nu tutunjuk nyumput jauh; alun-alun jadi suwung, kebo bulé kalalabur; laju sampalan nu diranjah monyét! Turunan urang ngareunah seuri, tapi seuri teu anggeus, sabab kaburu: warung béak ku monyét, sawah béak ku monyét, leuit béak ku monyét, kebon béak ku monyét, sawah béak ku monyét, cawéné rareuneuh ku monyét. Sagala-gala diranjah ku monyét. Turunan urang sieun ku nu niru-niru monyét. Panarat dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut. Walukuna ditarik ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh kalaparan. ti dinya, turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong, sabari nyanyahoanan maresék caturangga. Hanteu arengeuh, yén jaman geus ganti deui lalakon.
Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara kalér ngaguruh ngagulugur, galudra megarkeun endog. Génjlong saamparan jagat! Ari di urang ? Ramé ku nu mangpring. Pangpring sabuluh-buluh gading. Monyét ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk turunan urang; ngamukna teu jeung aturan. loba nu paraéh teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur; puguh batur disebut musuh. Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu maréntah cara nu édan, nu bingung tambah baringung; barudak satepak jaradi bapa. nu ngaramuk tambah rosa; ngamukna teu ngilik bulu. Nu barodas dibuburak, nu harideung disieuh-sieuh. Mani sahéng buana urang, sabab nu ngaramuk, henteu beda tina tawon, dipaléngpéng keuna sayangna. Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya nu nyapih; nu nyapihna urang sabrang.
Laju ngadeg deui raja, asalna jalma biasa. Tapi mémang titisan raja. Titisan raja baheula jeung biangna hiji putri pulo Dewata. da puguh titisan raja; raja anyar hésé apes ku rogahala! Ti harita, ganti deui jaman. Ganti jaman ganti lakon! Iraha? Hanteu lila, anggeus témbong bulan ti beurang, disusul kaliwatan ku béntang caang ngagenclang. Di urut nagara urang, ngadeg deui karajaan. Karajaan di jeroeun karajaan jeung rajana lain teureuh Pajajaran.
Laju aya deui raja, tapi raja, raja buta nu ngadegkeun lawang teu beunang dibuka, nangtungkeun panto teu beunang ditutup; nyieun pancuran di tengah jalan, miara heulang dina caringin, da raja buta! Lain buta duruwiksa, tapi buta henteu neuleu, buaya eujeung ajag, ucing garong eujeung monyét ngarowotan somah nu susah. Sakalina aya nu wani ngageuing; nu diporog mah lain satona, tapi jelema anu ngélingan. Mingkin hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta, naritah deui nyembah berhala. Laju bubuntut salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan; da nu ngawalukuna lain jalma tukang tani. Nya karuhan: taraté hépé sawaréh, kembang kapas hapa buahna; buah paré loba nu teu asup kana aseupan……………………….. Da bonganan, nu ngebonna tukang barohong; nu tanina ngan wungkul jangji; nu palinter loba teuing, ngan pinterna kabalinger.
Ti dinya datang budak janggotan. Datangna sajamang hideung bari nyorén kanéron butut, ngageuingkeun nu keur sasar, ngélingan nu keur paroho. Tapi henteu diwararo! Da pinterna kabalinger, hayang meunang sorangan. Arinyana teu areungeuh, langit anggeus semu beureum, haseup ngebul tina pirunan. Boro-boro dék ngawaro, malah budak nu janggotan, ku arinyana ditéwak diasupkeun ka pangbérokan. Laju arinyana ngawut-ngawut dapur batur, majarkeun néangan musuh; padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun.
Sing waspada! Sabab engké arinyana, bakal nyaram Pajajaran didongéngkeun. Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyana arinyana anu jadi gara-gara sagala jadi dangdarat. Buta-buta nu baruta; mingkin hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan kebo bulé. Arinyana teu nyaraho, jaman manusa dikawasaan ku sato!
Jayana buta-buta, hanteu pati lila; tapi, bongan kacarida teuing nyangsara ka somah anu pada ngarep-ngarep caringin reuntas di alun-alun. Buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan. Iraha mangsana? Engké, mun geus témbong budak angon! Ti dinya loba nu ribut, ti dapur laju salembur, ti lembur jadi sanagara! Nu barodo jaradi gélo marantuan nu garelut, dikokolotan ku budak buncireung! Matakna garelut? Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang loba; nu boga hak marénta bagianana. Ngan nu aréling caricing. Arinyana mah ngalalajoan. Tapi kabarérang.
Nu garelut laju rareureuh; laju kakara arengeuh; kabéh gé taya nu meunang bagian. Sabab warisan sakabéh béak, béakna ku nu nyarekel gadéan. Buta-buta laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun ditempuhkeun leungitna nagara. Laju naréangan budak angon, nu saungna di birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu dihateup ku handeuleum ditihangan ku hanjuang. Naréanganana budak tumbal. sejana dék marénta tumbal. Tapi, budak angon enggeus euweuh, geus narindak babarengan jeung budak anu janggotan; geus mariang pindah ngababakan, parindah ka Lebak Cawéné!
Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul. Daréngékeun! Jaman bakal ganti deui. tapi engké, lamun Gunung Gedé anggeus bitu, disusul ku tujuh gunung. Génjlong deui sajajagat. Urang Sunda disarambat; urang Sunda ngahampura. Hadé deui sakabéhanana. Sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui; sabab ngadeg ratu adil; ratu adil nu sajati.
Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta ratu? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia éta budak angon!
Jig geura narindak! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang

karuhun sunda

KARUHUN SUNDA

1. Eyang Sanghiang Bongbangkentjana (Ujung Sriwinangun)
2. Eyang Adipati Wastukentjana (Situ Pandjalu Ciamis)
3. Eyang Nila Kentjana (Situ Pandjalu, Ciamis)
4. Eyang Hariangkentjana (Situ Pandjalu Ciamis)
5. Embah Dalem Tjikundul (Mande Cianjur)
6. Embah Dalem Suryakentjana (PantjanitiCianjur)
7. Embah Keureu (Kutamaneuh Sukabumi)
8. Ibu Mayang Sari (Nangerang Bandrek Garut)
9. Eyang Prabu Widjayakusumah (Susunan Payung Bandrek Garut)
10. Embah Sayid Kosim (Gunung Alung Rantjapaku)
11. Embah Bang Sawita (Gunung Pabeasan Limbangan Garut)
12. Uyut Manang Sanghiang (Banten)
13. Eyang Ontjar (Nyampai Gunung Bungrangrang)
14. Eyang Ranggalawe (Talaga Cirebon)
15. Ibu Siti Hadji Djubaedah (Gunung Tjupu Banjar Ciamis)
16. Mamah Sepuh ((Gunung Halu Tjililin Bandung)
17. Embah Sangkan Hurip (Ciamis)
18. Embah Wali Abdullah (Tjibalong Tasikmalaya)
19. Mamah Abu (Pamidjahan Tasikmalaya)
20. Embah Dalem Panungtung Hadji Putih Tunggang Larang Curug Emas (Tjadas Ngampar Sumedang)
21. Raden AstuManggala (Djemah Sumedang)
22. Embah Santiung (ujung Kulon Banten)
23. Eyang Pandita (Nyalindung Sumedang)
24. Embah Durdjana (Sumedang)
25. Prabu Sampak Wadja (Gunung Galunggung Tasikmalaya)
26. Nyi Mas Siti Rohimah/Ratu Liongtin (Jambi Sumatera)
27. Eyang Parana (Kulur Tjipatujah, Tasikmalaya)
28. Eyang Singa Watjana (Kulur Tjipatujah, Tasikmalaya)
29. Eyang Santon (Kulur Tjipatujah, tasikmalaya)
30. Eyang Entjim (Kulur Tjipatujah, Tasikmalaya)
31. Eyang Dempul Wulung (Djaga Baya Ciamis)
32. Eyang Dempul Walang (Djaga Baya Ciamis)
33. Eyang Giwangkara (Djaga Baya Ciamis)
34. Embah Wali Hasan (Tjikarang Bandrek, Lewo Garut)
35. Embah Raden Widjaya Kusumah (Tjiawi Sumedang)
36. Dalem Surya Atmaja (Sumedang)
37. Eyang Rangga Wiranata (Sumedang)
38. Eyang Mundinglaya Dikusumah (sangkan Djaya, Sumedang)
39. Eyang Hadji Tjampaka (Tjikandang, Tjadas Ngampar Sumedang)
40. Eyang Pangtjalikan (Gunung Ringgeung Garut)
41. Eyang Singa Perbangsa (Karawang)
42. Embah Djaga Laut (Pangandaran)
43. Raden Ula-ula Djaya (Gunung Ringgeung Garut)
44. Raden Balung Tunggal (Sangkan Djaya, Sumedang)
di bewarakeun ku kang dede sutisna

budaya

Sunda asalna ti kecap Su = Alus/ Alus, sagala hiji hal anu ngandung unsur kahadean, urang Sunda boga kayakinan ngabogaan etos/ watek/ sipat Kasundaan minangka jalan nuju keutamaan hirup. Watek / sipat Sunda anu dimaksud nyaéta cageur, bageur (alus), bener, singer (mawas diri), sarta pinter (calakan) anu geus dijalankeun saprak jaman Salaka Nagara nepi ka ka Pakuan Pajajaran, geus mawa kamakmuran sarta karaharjaan leuwih ti 1000 warsih.

Sunda mangrupa kabudayaan masarakat anu cicing di wewengkon kulon pulo Jawa tapi kalayan leumpangna wayah geus sumebar ka sagala rupa penjuru dunya. Minangka hiji suku, bangsa Sunda mangrupa cikal bakal nangtungna peradaban di Nusantara, di mimitian kalayan nangtungna karajaan pangkolotna di Indonésia, nyaéta Karajaan Salakanagara sarta Tarumanegara. Komo nurutkeun Stephen Openheimer dina bukuna dijudulan Sundaland, Tatar Sunda/ Paparan Sunda (Sundaland) mangrupa puseur peradaban di dunya. Saprak ti mimiti nepi ka kiwari, budaya Sunda kabentuk minangka hiji budaya luhur di Indonésia. Tapi, modernisasi sarta asupna budaya luar laun laun mengikis keluhuran budaya Sunda, anu nyieun etos sarta watek manusa Sunda.

Harti kecap Sunda pohara luhur, nyaéta cahya, cemerlang, bodas, atawa bersih. Harti kecap Sunda éta henteu ngan dipidangkeun dina penampilan, tapi ogé didalami dina haté. Alatan éta, urang Sunda anu 'nyunda' perlu ngabogaan haté anu luhur ogé. Éta pisan anu perlu dipahaman lamun mitresna, sakaligus reueus ka budaya Sunda anu dipibogana.

Saban bangsa ngabogaan etos, kultur, sarta budaya anu béda. Tapi teu pisan-pisan heran lamun aya bangsa anu boga hasrat menanamkan etos budayana ka bangsa séjén. Alatan beranggapan, yén etos sarta kultur budaya ngabogaan kaleuwihan. Kecenderungan ieu kasampak dina etos sarta kultur budaya bangsa urang, alatan dina sawatara dékadeu geus kahébos ku budaya bangsa séjén. Arus modernisasi menggempur budaya nasional anu jadi jati diri bangsa. Budaya nasional kiwari kasampak pohara kuna, komo aya generasi ngora anu éra diajarna. Pangabisa ngawasa kasenian tradisional dianggap teu méré mangpaat. Rasa bangsa beuki terkikis, alatan budaya bangsa séjén leuwih kasampak menyilaukan. Kaayaan memprihatinkan ieu ogé lumangsung dina budaya Sunda, ku kituna urang Sunda kaleungitan jati dirina.

Pikeun nyanghareupan keterpurukan kabudayaan Sunda, aya alusna urang ngaléngkah ka tukang tiheula. Diajar, sarta ngumpulkeun keusik mutiara anu ambacak salila ieu. Loba petuah bijak sarta hasanah kedalan nini moyang jadi berkarat, alatan henteu kungsi tersentuh nu bogana. Hal ieu disebabkan kahoréam pikeun diajar kalayan seksama, komo maranéhanana beranggapan tinggaleun jaman. Lamun dipelajari, sabenerna pancaran étika moral Sunda ngabogaan hasanah hikmah anu rongkah. Hal éta terproyeksikan liwat talarina. Alatan éta, marilah urang kenali balik, sarta menguak sawatara butir titilar nini moyang Sunda anu ampir.

Aya sawatara etos atawa watek dina budaya Sunda ngeunaan hiji jalan nuju keutamaan hirup. Sajaba ti éta, etos sarta watek Sunda ogé bisa jadi bekel kasalametan dina ngambah kahirupan di dunya ieu. Etos sarta watek Sunda éta aya lima, nyaéta cageur, bageur, bener, singer, sarta pinter anu geus lahir kira-kira jaman Salakanagara sarta Tarumanagara. Aya wangun séjén kedalan sasipuh Sunda anu lahir dina abad kasebut. Lima kecap éta diyakini sanggup nyanghareupan keterpurukan alatan pangjajahan dina jaman éta. Coba urang resapi pelita kahirupan liwat lima kecap éta. Kabéh ieu minangka dasar utama urang Sunda anu hirupna kudu 'nyunda', kaasup para pamingpin bangsa.

Cara meresapinya kalayan nyurtian hartina. Cageur, nyaéta kudu cageur jasmani sarta rohani, cageur mikir, cageur boga pamadegan, cageur lahir sarta batin, cageur moral, cageur migawé sarta bertindak, cageur berprasangka atawa menjauhkan sipat suudzonisme. Bageur nyaéta boh haté, nyaah ka sasama, loba méré pamadegan sarta kaidah moril terpuji atawa materi, henteu pelit, henteu émosional, boh haté, penolong sarta ikhlas ngajalankeun sarta mengamalkan, lain ngan dibaca boh diucapkan waé. Bener nyaéta henteu bohong, henteu asal-asalan dina mengerjakan pancén pakasaban, amanat, lempeng ngajalankeun ageman, bener dina mingpin, berdagang, henteu memalsu atawa ngurangan timbangan, sarta henteu ngarusak alam. Singer, nyaéta pinuh mawas diri lain was-was, mengerti dina saban pancén, mendahulukan batur saméméh pribadi, pandai ngahargaan pamadegan anu séjén, pinuh kaasih nyaah, henteu gancang ambek lamun dikritik tapi diresapi harti esensinya. Pinter, nyaéta pandai élmu dunya sarta ahérat, mengerti élmu ageman nepi ka ka dasarna, lega hontalan élmu dunya sarta ahérat cacak béda kayakinan, pandai menyesuaikan diri jeung sasama, pandai mengemukakan sarta membereskan masalah pelik kalayan wijaksana, sarta henteu ngarasa singer sorangan bari menyudutkan batur.

karuhun

Semar Bubuka

"Cu, sadayana, wilujeung tepang sareng aki-aki bau taneuh ieu nu bade ngadongeng, mugia aya mangfaatna"!!!

 


 

KARUHUN SUNDA

 
Hayu urang sami-sami milarian karuhun urang nu kapungkur !!, saha saleuresna karuhun urang sunda teh ?
Karuhun teh naon atuh? Duka teuing teu ngarti, ngan cenahmah manusa nu leuwih ti heula kumelendang ka alam dunya, terus maot ti heula , ceuk beja mah, duka beja ti saha eta oge, cobian we bilih panasaran mah dina kamus basa sunda-indonesia atawa indonesia-sunda susuganan aya.
Sok loba diantarana anu muja-muji ka karuhun bari jeung di suguhan kopi pait sagala rupa, padahal manehna geus paeh''''''' sok asa ku heran, komo bari menta karamatna mah, yakin manehna mah teu bisa nanaon.
Anu pasti mah karuhun urang nu kahiji mah nyaeta Adam jeung Hawa, aranjeuna anu mawa ajaran ti langit keur kaurang sarerea, da anjeuna nu mimiti nampa ajaran ti pangeran urang.
Nabi Adam a.s teh nu ngawitan nyandak ajaran ti langit nya disebut ajaran samawi, nu nyandak sababaraha suhup atanapi ajaran, diteraskeun deui ku utusan-utusan Pangeran sanesna tug dugi ka Nabi Ibrahim a.s salaku rajana tauhid anu katelah Milata Ibrahim atanapi ajaran ibrohim, anu ngarangkum suhup-suhup tadi.
Kurun Nabi Musa a.s dirangkum deui ajaranna eta dina kitab Taurat anu ditujukeun kanggo umat nabi Musa. As nyaeta urang Israel.
Kumargi masih keneh seueur nu malengos disampurnakeun deui ku Nabi Isa a.s nyandak Kitab Injil kanggo umat Nasrani, tapi dina kurun ieu seueur ahli kitab anu malsukeun ajaran ti Allah dikurangi atawa di tambahan kumargi kitu teras disampurnakeun ku Nabi akhir zaman nyaeta Nabi Muhammad SAW (Pendekar Akhlak) kanggo sadayana umat manusia nu nyandak kitab nu tos disampurnakeun nyaeta Al Quran nu moal tiasa dipalsukeun sareng eta teh Mukzizat ti Allah nu eusina (30 juz, 114 surat, 6666 ayat) pituduh kanggo umat manusa sadayana nu miharep kasalametan, jeung yakin eta teh kudu di gawean ulah ukur di baraca wae. Dina kurun ieu oge Allah tos ngaridokeun Islam janteun agama urang sarerea. Pami kitu mah karuhun urang teh sanes mbah dugul, mbah gondrong nu kabeukina menyan jeung ci kopi pait ???
Kanteunan wae atuh!!! Nu disebut karuhun urang nu sajati mah nyaeta karuhun nu ngajarkeun kasalametan ka urang bari jeung ngan ukur ngaharep karidoan ALLAH.
Dulur, tangtos urang parantos terang yen karuhun urang ti ngawitan Nabi Adm. As dugi ka Kanjeung Nabi Muhammad SAW teh nyandak ajaran anu intina sami nyaeta kanggo kasalametan urang dunya lan akhirat, inti ajaran nu dimaksad diluhur teh nyaeta ajaran elmu Tauhid nu kinteun-kinteun hartosna nyaeta hiji pamadegan/sikep nu pasti dina kayakinan tekad,ucap sareng lampah kanggo nganyatakeun yen teu aya deui pangeran nu kudu disembah salian ti gusti Allah nu maha tunggal, manunggal sareng makhlukna. Atuh urang salaku nu ngangkeun panganut ajaran Kanjeung Nabi Muhammad Saw diwajibkeun milarian elmu eta, margi Islam Tanpa Tauhid Nilaina Nol Besar.
Awalna Agama teh nyaeta marifat (deukeut, kenal, nyaho, sanisbat) sareng Allah, upami ku elmu Tauhid mah eta teh bakal dibuktikeun margi elmu Tauhid teh elmu karuhun nu pangheulana (cikal-bakal) ayana agama samawi (Islam). "Prak tareangan jalan ka Kami "(Allah)!, dina lereusan ieu Gusti Allah miwarang milarian jalan kanggo nyakeutkeun diri ka Allah, sateuacana cakeut urang kedah kenal heula sareng Allah, Kumaha carana?. "Saha nu kenal sareng dirina, bakal kenal sareng gustina." Ari diri urang saha?, tangtosna sanes panangan, dada, mastaka jsb, diri urang nu sajatimah nyaeta "hate leutik" nu teu weleh jujur, lamun di bahsakeun rada gayamah meureun nu disebut "Qolbu". Qolbu ieu nu bakal ngadeteksi ayana Allah, ngan Qolbu nu kumaha? Tangtosna Qolbu nu beresih, "Kumaha cara ngaberesihanna? Cekap ku Akhlaq nu sae, margi Kanjeung Nabi Muhammad diutus ka dunya teh samata-mata kanggo nyampurnakeun Akhlak. Upami tos tepang sareng Allah mah yakin Qolbuna oge beresih, akhlakna tos kabina dina iman sareng takwa sareng Allah tos ngajanjikeun Sawarga kanggo aranjeuna, tapi sawaleurna nu malengos Allah tos nyadiakeun Naraka nu pikagilaeun. Kumaha ayeuna urang masih kabita ku sawarga Allah sareng sieun ku naraka Allah? Tah upami masih aya keneh niatan mangga geura pilarian Guru Tuduh nu bakal nuduhkeun ka Guru Matuh (Allah), da pami urang ngelmu tanpa ngaguru kahade bisi setan nipu urang jadi guru, atanapi urang macaan wae buku karangan manusa bisi seueur belok tina kamurnian aqidah sareng pami teu ngartos bade naros ka saha?, Sareng ka Allah mah teu kedah seueur buku cekap ku Al Quran Hadist da nu penting mah praktekna.!!
Pami bade milarian guru nu nuduhkeun jalan ka Allah (Guru Tuduh) aya sababaraha tips/ acuan ti sim kuring diantawisna :
  • Dangukeun heula sing eces naha kaurang miwarang nyandak syarat uang/barang, kaen bodas, hayam hideung, menyan, jampe pamake atanapi rupa-rupa ka Musyrikan, kajeun teuing eta pangkatna Kiayi atawa Ustadz tong diturut jadi guru nu kitumah.
  • Tinggali tekad ucap jeung lampahna tos nuju kana Qur’an sareng Sunnah? ulah dugi ka kaurang ngajarkeun nu sae, sedeungkeun anjeuna midameul nu awon.
  • Intip kulawargana, sok cekcok wae atanapi adem ayem, tentram, kumargi pigurueun urang kedah aya dina katenangan salaku talangna Allah kanggo ngajarkeun tenang ka urang.
  • Tinggali Ekonomi na, tos nyekapan pangabutuhna, Emutkeun!!!, Kafakiran cakeut sareung Kakafiran, sareng Allah langkung reuseupen ka Muslim beunghar nu bersyukur tibatan nu sabar bari sangsara.
  • Ulah milih guru nu ngajarkeun janteun Teroris, nyebarkeun kaawonan kahiji kaum (rasis) atawa nu hayang ngadameul nagara di leubeut nagara.

Upami tos mendak, Allhamdulillah, mangga geura janteunkeun anjeuna guru tuduh nu nuduhkeun ka guru matuh (Allah) nu bakal ngabaturan urang saumur hirup teu kenal waktu sareng tempat, dimana wae, iraha wae Anjeuna aya.
Atuh ceunah seusah milarian guru tuduh atanapi katarik hoyong neuleuman elmu nu ngan hiji-hijina sa-alam dunya warisan karuhun urang Kanjeung Nabi Muhammad SAW ieu mangga ngiring sareung riungan sim kuring dina raraga milarian Gusti Allah ngaleumpangan Perjalanan Tauhid nganggo sebutan Tarekah Al Qur’an Hadist.
Sakeudik disinggung dina Perjalanan Tauhid riungan sim kuring , nampi dulur-dulurna saha wae nu ngangkeun manusa nu wajib ngageum agama tampa ngabeda-bedakeun suku, agama, ras, sareng golongan, teu aya sepuh, murangkalih, istri, pameugeut, beunghar, sangsara, hideung, bodas, mungguhing dipayuneun Allah mah sami. Saha nu leureus-leureus hoyong ka Allah eta nu pasti pendak sareng Anjeuna. Kanggo nu Non Muslim oge mangga bade ngiring mah, ngan panginteun kedah ridho di ajar Akhlaq Islam.
Mudah-mudahan dina detik ieu Gusti Allah masihan hidayah ka urang sadayana kanggo neuleuman ieu perjalanan,Amin. Sareng bilih aya seratan nu teu mernah tata basana, kaciwit ati, kagores hate ku basa sim kuring punteun pisan, da elmu sim kuring mah kacida deetna, sareng eta oge kenging mulungan (panteus pisan pami disebat pemulung teh). Upami leureus eta yakin ti Gusti Allah, pami lepat eta yakin tina kabodoan sim kuring, malah kuring mah tong boro pinteur da bodo oge duka teuing komo lamun digedukeun kana praktika agama mah, bisa jadi kuring jelema nu panglobana dosa sa Alam Dunya.
Ampun ya Allah, “mugi gusti ngahapunteun dosa abdi tina enggoning dosa ageung, dosa alit, dosa nu dihaja nu teu dihaja, dosa nu karaos sareng nu teu karaos” da Allah mah lautan hampura, sareng maha welas asih ka makhlukna. Amin.
Cag ah dugi kadieu heula, bilih aya anu bade didugikeun mangga di handap!!