Paririmbon tina kecap rimbu.Rimbu (basa Kawi) = Simpen.Paririmbon = Buku sisimpenan = Buku anungandung elmu nu jarero.Urang Sunda pituin = Urang Sunda asli = Urang Sunda tulén.Pepeling = Papatah.Gumelar = Lahir ka dunya. Satungtung = Salilana.Ihtiar = Usaha.Nungtut elmu = Ngumpulkeun pangarti = Ngumpulkeun pangaweruh.Nyiar dunya = Neangan rejeki = Nyiar kipayah = Neangan kahirupan.Malahmandar = Susuganan = Sugan pareng.Bubuka = Pangangkat carita.Ngumbara = Cicing di lembur batur.Nusantara = Indonésia.Ngitung lembur = Nyaba ka mana-mana.Ngajajah milangan kori = Nyaba ka mana-mana.Ngajajah = Ngider nganyahokeun tempat-tempat.Kori = Lawang kori = Panto (babakuna panto anu peundeutna dua).Ngemban timbalan = Ngajalankeun paréntah.Ibu Pertiwi = Lemah cai.Kénging lara = Kénging kanyerian, atanapiudur.Tunggara = Kasusah.Kuciwa = Kateungeunah haté.Dadak sakala = Harita kénéh.Mitra = Sobat.Sunda ngumbara = Urang Sunda nu matuhdi lembur batur.Ngalalana = Nyaba kalunta-lunta (kateterusan) henteu puguh nu dijugjug, henteu terang nu ditéang, henteu nyata nu diseja.Kapihatur = Kapiunjuk.Sebrang = Peuntas.Cicirén tina ciri. Ciri = Tanda.Tri = Tilu. Murti = Badan. Trimurti = Tilu badan (perkara) anu ngahiji.Sajati = Tulén = Asli = Henteu palsu.Lenyepan = Hartikeun atawa rasakeun enya-enya. Lemesna : Hartoskeun atanapiraoskeun yaktos-yaktos.Supados lemesna tina : supaya.Émutan lemesna tina : ingetan.Utama = Euweuh cawadeunana.Hancaeun = Garapeun.Pulasara = Urus samistina.Pusaka = Titinggal karuhun.Pitutur = Pepeling.Kakantun lemesna tina titinggal.Para karuhun = Para luluhur anu geus maraot, geus areuweuh (taya) di kieuna.Seuweu =I. Anak jelema.II. Anak putu Nabi Adam = Turunan Nabi Adam = Jelema-jelema.Paré nyeuweu = Paré ngadapur, loba anakna.Awi nyeuweu = Awi ngadapur, loba anakna.III. Ngaran sabagian tina bubu, gawéna pikeun nahan lauk anu geus asup kana jero bubu supaya henteu kaluar deui.Siwi = Anak; sok dipake oge pikeun sesebutan, ka putra raja anu pameget. Siwi teh basa Kawi. Seuweu-siwi Pajajaran= Turunan Pajajaran. Nu dimaksud : urangSundaSeuweu-siwi = Turunan = Jalma-jalma. Nini-aki = Luluhur.Basa Sangsekerta atawa Sangsakerta = Basa kuna di tanah Hindu. Dina agama Brahma nu dipakéna basa Sangsekerta. DiIndonésia loba kénéh kecap-kecap Sangsekerta; ayana dina ngaran jelema-jelema atawa kota-kota. Contona :Ngeunaan ngaran jelema-jelema:Nataprawira. Nata = Ratu = Raja. Prawira= Kendel, teteg haté.Gandakusuma. Ganda = Seungit. Kusuma= Kusumah = Kembang.Wijayakusuma = Kembang kajayaan.Kartasasmita. Karta atawa Kerta = Aman. Sasmita = Misil atawa perlambang. Dina basa Walanda : Symbool.Surawijaya. Sura = Déwa. Wijaya = Kaunggulan = Kajayaan.Somawisésa. Soma = Bulan. Wisésa = Maha kawasa.Wirasumantri. Wira = Lalaki atawa prajuritatawa kekentong. Su = Hadé atawa alus (basa Kawi). Mantri = Ponggawa = PagawéNagara.Gandasudirja. Ganda = Seungit. Su = Hadéatawa alus (basa Kawi). Di pondokna tina Hadi = Hade atawa alus (basa Kawi). Reja= Raharja (Harja) dina basa Sunda, hartina: Ma’mur, teu kurang sandang pangan.Jayadisastra. Jaya = Unggul. Di tina Hadi = Hadé atawa alus (basa Kawi). Sastra = Tulisan.Wiriasaputra. Wiria = Wira = Lalaki atawa prajurit atawa kekentong. Sa = Hiji. Putra= Anak lalaki.Ngeunaan kota-kota :lndragiri. Indra = Déwa. Giri = Gunung.Purwakarta. Purwa = I. Wétan jeung II. Mimiti, Karta = Kerta = Aman. Dina basa Jawa: Purwokerto.Sidareja. Sida = Tulus. Reja = Ma'mur. Dina basa Jawa : Sidorejo.Singapura. Singa = Singa. Pura = Karaton.Surabaya. Sura = Déwa = Wani. Baya = Bahya = Bahaya. Dina basa Jawa : Suroboyo.· Kawi (basa Sangsakerta) = Bujangga.· Basa Kawi = Kecap-kecap nu baheula nu sok dipaké ku para bujangga.Contona:Nétra = Panon.Kerta = Karta = Aman.Su = Hadé atawa alus.Hadi = Di = Hadé atawa alus.Lalis = Paéh.Niskara = Kabéh.Marcapada = Bumi.Panji = Bandéra.Daya = Kakuatan atawa hojah.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar