UGA WANGSIT SILIWANGI
Label:
NASKAH SUNDA KUNO
Saur Prabu Siliwangi ka balad
Pajajaran anu milu mundur dina sateuacana ngahiang : “Lalakon urang ngan
nepi ka poé ieu, najan dia kabéhan ka ngaing pada satia! Tapi ngaing
henteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu hirup jadi balangsak, ngilu
rudin bari lapar. Dia mudu marilih, pikeun hirup ka hareupna, supaya
engké jagana, jembar senang sugih mukti, bisa ngadegkeun deui Pajajaran!
Lain Pajajaran nu kiwari, tapi Pajajaran anu anyar, nu ngadegna
digeuingkeun ku obah jaman! Pilih! ngaing moal ngahalang-halang. Sabab
pikeun ngaing, hanteu pantes jadi Raja, anu somah sakabéhna, lapar baé
jeung balangsak.”
Daréngékeun! Nu
dék tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul! Anu hayang
balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka beulah kalér! Anu
dék kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah wétan! Anu moal milu
ka saha-saha, geura misah ka beulah kulon!
Daréngékeun!
Dia nu di beulah wétan, masing nyaraho: Kajayaan milu jeung dia! Nya
turunan dia nu engkéna bakal maréntah ka dulur jeung ka batur. Tapi
masing nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engkéna bakal aya babalesna.
Jig geura narindak!
Dia nu di
beulah kulon! Papay ku dia lacak Ki Santang! Sabab engkéna, turunan dia
jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur, ka
dulur anu nyorang saayunan ka sakabéh nu rancagé di haténa. Engké jaga,
mun tengah peuting, ti gunung Halimun kadéngé sora tutunggulan, tah éta
tandana; saturunan dia disambat ku nu dék kawin di Lebak Cawéné. Ulah
sina talangké, sabab talaga bakal bedah! Jig geura narindak! Tapi ulah
ngalieuk ka tukang!
Dia nu marisah
ka beulah kalér, daréngékeun! Dayeuh ku dia moal kasampak. Nu ka sampak
ngan ukur tegal baladaheun. Turunan dia, lolobana bakal jadi somah. Mun
aya nu jadi pangkat, tapi moal boga kakawasaan. Arinyana engké jaga,
bakal ka seundeuhan batur. Loba batur ti nu anggang, tapi batur anu
nyusahkeun. Sing waspada!
Sakabéh
turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu anu perelu.
Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu sarusah, tapi
ngan nu hadé laku-lampahna. Mun ngaing datang moal kadeuleu; mun ngaing
nyarita moal kadéngé. Mémang ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu
rancagé haténa, ka nu weruh di semu anu saéstu, anu ngarti kana wangi
anu sajati jeung nu surti lantip pikirna, nu hadé laku lampahna. Mun
ngaing datang; teu ngarupa teu nyawara, tapi méré céré ku wawangi. Ti
mimiti poé ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna,
leungit nagarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran
pikeun nu mapay. Sabab bukti anu kari, bakal réa nu malungkir! Tapi
engké jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya anu laleungit kapanggih
deui. Nya bisa, ngan mapayna kudu maké amparan. Tapi anu marapayna loba
nu arieu-aing pang pinterna. Mudu arédan heula.
Engké
bakal réa nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu
disebut Raja Panyelang! Aya nu wani ngoréhan terus terus, teu ngahiding
ka panglarang; ngoréhan bari ngalawan, ngalawan sabari seuri. Nyaéta
budak angon; imahna di birit leuwi, pantona batu satangtungeun,
kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang. Ari ngangonna? Lain
kebo lain embé, lain méong lain banténg, tapi kalakay jeung tutunggul.
Inyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian
disumputkeun, sabab acan wayah ngalalakonkeun. Engke mun geus wayah
jeung mangsana, baris loba nu kabuka jeung raréang ménta dilalakonkeun.
Tapi, mudu ngalaman loba lalakon, anggeus nyorang: undur jaman datang
jaman, saban jaman mawa lalakon. Lilana saban jaman, sarua jeung waktuna
nyukma, ngusumah jeung nitis, laju nitis dipinda sukma.
Daréngékeun!
Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi mangsa: tanah
bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol. Tah di dinya,
sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo barulé, nu diangon ku jalma
jangkung nu tutunjuk di alun-alun. Ti harita, raja-raja dibelenggu. Kebo
bulé nyekel bubuntut, turunan urang narik waluku, ngan narikna henteu
karasa, sabab murah jaman seubeuh hakan.
Ti
dinya, waluku ditumpakan kunyuk; laju turunan urang aya nu lilir, tapi
lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi. Ti nu laleungit, tambah loba nu
manggihna. Tapi loba nu pahili, aya kabawa nu lain mudu diala! Turunan
urang loba nu hanteu engeuh, yén jaman ganti lalakon ! Ti dinya gehger
sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngaranteur pamuka jalan; tapi
jalan nu pasingsal!
Nu tutunjuk
nyumput jauh; alun-alun jadi suwung, kebo bulé kalalabur; laju sampalan
nu diranjah monyét! Turunan urang ngareunah seuri, tapi seuri teu
anggeus, sabab kaburu: warung béak ku monyét, sawah béak ku monyét,
leuit béak ku monyét, kebon béak ku monyét, sawah béak ku monyét, cawéné
rareuneuh ku monyét. Sagala-gala diranjah ku monyét. Turunan urang
sieun ku nu niru-niru monyét. Panarat dicekel ku monyet bari diuk dina
bubuntut. Walukuna ditarik ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh
kalaparan. ti dinya, turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong, sabari
nyanyahoanan maresék caturangga. Hanteu arengeuh, yén jaman geus ganti
deui lalakon.
Laju hawar-hawar, ti
tungtung sagara kalér ngaguruh ngagulugur, galudra megarkeun endog.
Génjlong saamparan jagat! Ari di urang ? Ramé ku nu mangpring. Pangpring
sabuluh-buluh gading. Monyét ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk turunan
urang; ngamukna teu jeung aturan. loba nu paraéh teu boga dosa. Puguh
musuh, dijieun batur; puguh batur disebut musuh. Ngadak-ngadak loba nu
pangkat nu maréntah cara nu édan, nu bingung tambah baringung; barudak
satepak jaradi bapa. nu ngaramuk tambah rosa; ngamukna teu ngilik bulu.
Nu barodas dibuburak, nu harideung disieuh-sieuh. Mani sahéng buana
urang, sabab nu ngaramuk, henteu beda tina tawon, dipaléngpéng keuna
sayangna. Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya nu nyapih; nu nyapihna
urang sabrang.
Laju ngadeg deui
raja, asalna jalma biasa. Tapi mémang titisan raja. Titisan raja baheula
jeung biangna hiji putri pulo Dewata. da puguh titisan raja; raja anyar
hésé apes ku rogahala! Ti harita, ganti deui jaman. Ganti jaman ganti
lakon! Iraha? Hanteu lila, anggeus témbong bulan ti beurang, disusul
kaliwatan ku béntang caang ngagenclang. Di urut nagara urang, ngadeg
deui karajaan. Karajaan di jeroeun karajaan jeung rajana lain teureuh
Pajajaran.
Laju aya deui raja, tapi
raja, raja buta nu ngadegkeun lawang teu beunang dibuka, nangtungkeun
panto teu beunang ditutup; nyieun pancuran di tengah jalan, miara
heulang dina caringin, da raja buta! Lain buta duruwiksa, tapi buta
henteu neuleu, buaya eujeung ajag, ucing garong eujeung monyét
ngarowotan somah nu susah. Sakalina aya nu wani ngageuing; nu diporog
mah lain satona, tapi jelema anu ngélingan. Mingkin hareup mingkin
hareup, loba buta nu baruta, naritah deui nyembah berhala. Laju bubuntut
salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan; da nu ngawalukuna lain
jalma tukang tani. Nya karuhan: taraté hépé sawaréh, kembang kapas hapa
buahna; buah paré loba nu teu asup kana aseupan……………………….. Da bonganan,
nu ngebonna tukang barohong; nu tanina ngan wungkul jangji; nu palinter
loba teuing, ngan pinterna kabalinger.
Ti
dinya datang budak janggotan. Datangna sajamang hideung bari nyorén
kanéron butut, ngageuingkeun nu keur sasar, ngélingan nu keur paroho.
Tapi henteu diwararo! Da pinterna kabalinger, hayang meunang sorangan.
Arinyana teu areungeuh, langit anggeus semu beureum, haseup ngebul tina
pirunan. Boro-boro dék ngawaro, malah budak nu janggotan, ku arinyana
ditéwak diasupkeun ka pangbérokan. Laju arinyana ngawut-ngawut dapur
batur, majarkeun néangan musuh; padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun.
Sing
waspada! Sabab engké arinyana, bakal nyaram Pajajaran didongéngkeun.
Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyana arinyana anu jadi gara-gara sagala
jadi dangdarat. Buta-buta nu baruta; mingkin hareup mingkin bedegong,
ngaleuwihan kebo bulé. Arinyana teu nyaraho, jaman manusa dikawasaan ku
sato!
Jayana buta-buta, hanteu pati
lila; tapi, bongan kacarida teuing nyangsara ka somah anu pada
ngarep-ngarep caringin reuntas di alun-alun. Buta bakal jaradi wadal,
wadal pamolahna sorangan. Iraha mangsana? Engké, mun geus témbong budak
angon! Ti dinya loba nu ribut, ti dapur laju salembur, ti lembur jadi
sanagara! Nu barodo jaradi gélo marantuan nu garelut, dikokolotan ku
budak buncireung! Matakna garelut? Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang
loba; nu boga hak marénta bagianana. Ngan nu aréling caricing. Arinyana
mah ngalalajoan. Tapi kabarérang.
Nu
garelut laju rareureuh; laju kakara arengeuh; kabéh gé taya nu meunang
bagian. Sabab warisan sakabéh béak, béakna ku nu nyarekel gadéan.
Buta-buta laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun
ditempuhkeun leungitna nagara. Laju naréangan budak angon, nu saungna di
birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu dihateup ku handeuleum
ditihangan ku hanjuang. Naréanganana budak tumbal. sejana dék marénta
tumbal. Tapi, budak angon enggeus euweuh, geus narindak babarengan jeung
budak anu janggotan; geus mariang pindah ngababakan, parindah ka Lebak
Cawéné!
Nu kasampak ngan kari
gagak, keur ngelak dina tutunggul. Daréngékeun! Jaman bakal ganti deui.
tapi engké, lamun Gunung Gedé anggeus bitu, disusul ku tujuh gunung.
Génjlong deui sajajagat. Urang Sunda disarambat; urang Sunda ngahampura.
Hadé deui sakabéhanana. Sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui;
sabab ngadeg ratu adil; ratu adil nu sajati.
Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta ratu? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia éta budak angon!
Jig geura narindak! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang
Tidak ada komentar:
Posting Komentar